SUNGKEM BAHASA SUNDA
Sungkem
ka Ibu Masing-masing
Ema,,,!
Ieu abdi, salapan sasih abdi dikandung ku
ema. Abdi kantos ngaheurinan rahim ema, ema anu karepotan, nyanggigir lain,
nangkarak salah, dicandak beurat, ari dikintun piraku. Gubrag lahir ka alam
dunya, diwuruk, dipangku ku kadeudeuh ema. Ditimang diayun ambing, dicium
digalentoran, lir nanggeuy endog beubeureumna.
Golontor kabungah jeung kanyaah teu nolih kana netesna darah. Cipanon
anu ngeclak teu ieu dipirosea, tanaga nu kakuras akibat awak jadi lemah. Malah
nyawa anu ditarohkeun ku ema, teu dikoretkeun demi ngabela abdi. Kuru cileuh
keunteul peujit akibat ngurus, ngaping, ngajaring jeung ngadidik abdi siang
jeung wengi.
Ema,,,!
Abdi nyanggakeun kana kalepatan abdi. Kaasih
jeung kadeudeuh ema teu acan kapulang tarima. Nu puguh mah sering nampi pilara
tina laku abdi anu mempar tina papagon agama. Manah ema sering rahet, cai panon
sering ngeclak nalika abdi daek minculak. Kukituna mugia ema ageung
sihapunteun, jembar hampura ka pribadi abdi anu tuna.
Ema,,,!
Abdi dumehes di payuneun ema, seja nyuprih
pidu’a ema. Tangtos kasaksen ku ema, dumeh kiwari abdi nete taraje, ngambah
hambatan, lalayaran dina sagara rumah tangga. Tinangtos berat nyuhun berat
naggung, berat nanggung jawabkeunana, kukituna pidu’a anu diseja.
Papatah
Ti Ibu Masing-Masing
Ujang,,,! Nyai,,,I
Hidep jungjunan kalbu, hideup anak ema, anu
jadi buah hate ema. Hidep entong loba wakca, da kalah nambahan rambisak.
Kacape, kalungse, kasedih jeung kanalangsa, kiwari ilang nyinglar tina hate ema.
Anu aya ukur kabungah, anu nyampak ukur kanyaah. Ema teu nyuprih panyait, teu
malar pamulang, estu rido seja lalanjang. Lampah hidep anu salah dihampura
pisan ku ema. Teu aya saeutik oge unek-unek dina hate, teu aya gantar kakaitan,
bersih ikhlas, bersih jalan sasapuan. Caang nyacas ibarat purnama tanggal opat
belas.
Uajng,,,! Nyai,,,!
Didu’akeun pisan ku ema. Sing tenang, sing
tentrem, sing mulus rahayu berkah salamet. Jauh balai, parat rejeki, aya dina
ridho jeung magfiroh gusti nu maha suci.
Ujang,,,! Nyai,,,!
Geura cengkat ngangkat sirah, geura menta
hampura ka bapa.
Sunkem
Ka Bapa Masing-Masing
Bapa,,,!
Abdi cumeluk di payuneun bapa, seja rumaos
sareung tumarima, kana laku jeung lampah abdi anu salah. Rumaos abdi tukang
wangkelang, bedegong tara turut kana papatah nu janten rama, bobot pangayon aya
disalira bapa.
Bapa,,,!
Hampura anu kateda, tanaga anu dikerahkeun ku
bapa, emutan anu dipuserkeun, sareng sagala rupina, rumaos teu acan kapulang
tarima. Mugia bapa ageung pangampura. Salajeungna, abdi jeblog ku dosa, seja
jihad du’a. wireh kiwari abdi kokojayan dina carita nyata, nyaeta rumah tangga,
nutur laku rosul, ngalaksanakeun parentah pangeran.
Papatah
Bapa Masing-Masing
Bral anaking anak bapa. Dido’akeun pisan ku
bapa. Kasalahan hidep dihampura pisan ku bapa. Tong ngingeut-ngingeut jasa
bapa, da eta mah kawajiabn bapa.
Ujang,,,! Nyai,,,!
Ayeuna mah buleudkeun tekad, hidep rek
nyorang sagara rumah tangga. Dadasaran ku niat anu hade, bari dipikasieup ku
takwa ka Alloh ‘Azza Wajalla. Tangtu dodoja jeung cocoba baris nyampak ka hidep
duaan, bakal atra karasana. Rumah tangga lain sapoeeun, tapi saumur hirupeun.
Ulah mundur sasiku, ngejat satapak. Didu’akeun ku bapa sing salamet, hasil anu
dicita-cita, bari teu lesot tina rohmat jeung karunia Alloh. Poma ulah
ditinggal tugas utama, solat anu lima waktu, jeung kawajiban anu sanesna.
Ujang,,,! Nyai,,,!
Bral geura menta hampura jeung du’a ka
iburama anjeun anu anyar.
Sungkem
Ka Mertua Istri
Ema,,,!
Ampun paralun isin dikedalkeunana, berat
diucapkeunana. Tangtos kauninga, diri abdi anu kieu buktosna, rupi jauh
nandingan arjuna jeung srikandina. Sumping teu ieuh cacandakan, aku kosong
eusianen, lambut kosong eusianen. Kawawuh lieuk euweuh ragap teu aya,
nyanggakeun sadaya-daya. Namung sok sanaos kitu, abdi hoyong diangken janten
putra ema, wireh katali kapatri ku putra ema, pikeun ngaheuyeuh dayeuh ngolah
rumah tangga.
Ema,,,!
Ieu abdi putra anu enggal, neda piwulang
sareng piwuruk ti ema, sangkan abdi tiasa sasarengan sareng pun bojo, sareng
pun lancek, kalayan aya dina mawadah, warohmah.
Papatah
Ti Mertua Istri
Anaking,,,!
Hidep diangkeun pisan ku ema, moal
disaha-saha, sarua wae anak ema. Ema bakal mikanyaah ka hidep, ema moal
ngawilah-wilah, mihape salaki anjeun, mihape pamajikan anjeun, kudu babarengan
dina katakwaan ka pangeran.
Anaking,,,!
Ku ema di du’akeun. Hidep sing panggih jeung
kasinugrahan, tentrem lahir bathin, aya dina rido Alloh. Ngan kahade, ulah poho
kanu jadi indung bapa. Sabab indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat.
Bral geura menta du’a ka bapa anjeun.
Sungkem
Ka Mertua Pameget
Bapa,,,!
Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro
gorokeun, suku genteng belokeun, abdi nyanggakeun sadaya-daya, abdi tos wantun
rurumpaheun dipangkonan bapa. Maksadna mah hoyong diangkeun janten putra bapa.
Wireh katali iket tikah ku tuang putra. Sanaos teu aya anu disanggakeun, kajaba
awak sakujur sareng reregedna, hapunten anu kasuhun. Salajeungna abdi neda
pidu’a, sangkan hirup abdi salamina aya dina ridho pangeran.
Papatah
Ti Mertua Pameget
Tos Ujang,,,! Nyai,,,!
Teu pantes hidep sasauran kitu. Insya Alloh
sakamampuan bapa, bapa rek ngabingbing ka hidep. Bapa nyaah ka hidep, lantaran
hidep nu rek nuluykeun lalakon bapa ka hareup.
Ayeuna mah sing sobar narima kana kanyataan.
Ieu kabeh estuning kudrot jeung irodat pangeran, anu tiba ka anjeun duaan. Sing
deket ka pangeran, sabab manehna anu parantos dipenta pitulungna, mantena anu
parantos ngurus, ngajaring ka urang sadaya. Poma laksanakeun parentahna,
tinggalkeun laranganana.
Bral geura cengkat, geura tandang makalangan,
sanghareupan sagala nu bakal datang.
0 Komentar:
Posting Komentar
Berlangganan Posting Komentar [Atom]
<< Beranda